Cerita Horor Bahasa Sunda: Kengerian Keranda Terbang di Rumah Sakit Bandung Ini Diungkap Warga Ciparay

- 16 Desember 2023, 12:38 WIB
Kisah horor dalam Bahasa Sunda menceritakan pengalaman mengerikan melihat keranda terbang
Kisah horor dalam Bahasa Sunda menceritakan pengalaman mengerikan melihat keranda terbang /Sandy Torchon/Pexels

Kaadaan di luar rohangan kacida keuuengna. Geus nepi di tempat cai, kuring menta didagoan di luar.

“Pan dagoan nya, kuring sieun,” ceuk kuring.

Baca Juga: Viral Pasien Tewas usai Operasi Gigi Bungsu, Direktur RSHS Bandung Sayangkan Pembuat Konten tanpa Klarifikasi

Sabet kaluar di kamar cai, kuring heran ningali si Irpan. Panona molotot ka pabeulah kenca. Siga ningali anu pekasieuneun.

“Itu tingali, aya… aya…,” ceuk Irpan.

Barang kuring ningali ka pabelah kenca, kuring ngagebeg reuwas! Sabab di dinya aya hiji belangkar, tapi anu jadi bingung ka kuring naha ti eta tempat teh aya anu keur ngagoler?

Mimiti kesang tiis ngabaseuhan ka awak kuring, harita kuring duaan pacekel-cekel bari jeung ngadegdeg. Kuring duaan teu langsung indit, tapi kalahkah cicing bari nyidik-nyidik anu ngagoler. Sok sanajan sieun anu sakitu rongkahna.

Baca Juga: Penumpang Terminal Cicaheum Bandung Diprediksi Naik 20 Persen saat Libur Nataru

Beuki lila, naha anu disidik-sidik teh anu siga usik? Kuring duaan ningali kitu mah langsung ngeleper! Suku teu bisa dilengkahkeun, teu bisa ingkah tina eta tempat.

Halaman:

Editor: Asep Yusuf Anshori


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah