Cerita Horor Bahasa Sunda: Kengerian Keranda Terbang di Rumah Sakit Bandung Ini Diungkap Warga Ciparay

- 16 Desember 2023, 12:38 WIB
Kisah horor dalam Bahasa Sunda menceritakan pengalaman mengerikan melihat keranda terbang
Kisah horor dalam Bahasa Sunda menceritakan pengalaman mengerikan melihat keranda terbang /Sandy Torchon/Pexels

Baca Juga: 25 Orang Positif Covid-19 di Kota Bandung, Pemkot: Jangan Sampai Diabaikan

Suasana di jero rumah sakit teh kacida keeungna. Teu aya saurang-urang jalma anu ngadon ngulampreng di luar rohangan, katambah rohangan tempat indungna si Irpan teh ayana di tungtung. Kuring limaan leumpang ka rohangan eta bari ngobrol sabab bari ngobrol mah teu karasa leumpang teh.

Sabot kuring limaan leumpang, kadenge di tukangeun aya anu nakolan beusi. Beusi anu dipake pasien anu teu tiasa leumpang nu aya di gigireun tembok.

Kuring limaan ngeureunkeun lengkah, nu maksud rek noong ka tukang. Tapi barang pelong katukang, gening di tukang teh teu aya sasaha!?

Nya geus apal kitumah, kuring limaan langsung neruskeun leumpang ka rohangan. Tapi can sababraha lengkah, eta sora anu nakolan beusi aya deui. Nya aya sora kitu, ku kuring limaan teu pati diparilek.

Baca Juga: Viral Kedai Nasi Kandar Kota Bandung, Inilah Sejarah dan Kelezatan Masakan Malaysia yang Jarang Diketahui

Tapi anu jadi aneh ku kuring limaan, naha eta sora beusi teh siga anu ngadeukeutan?

Kuring limaan langsung asup ka rohangan indung si Irpan. Ari geus di jero rohangan, barudak silih tanya. Saha anu tadi nakolan beusi?

Harita, wanci tos nyedek ka teungah peuting. Kuring oge mulai ngarasa tunduh. Sabab ku tunduh, kuring jeung si Irpan kaluar muru ka tempat cai.

Halaman:

Editor: Asep Yusuf Anshori


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah