Cerita Horor Bahasa Sunda: Pengalaman Dicegat Pocong di Cipaku Ledeng, Tengkorak dan Mata Merah Terlihat Jelas

- 14 Desember 2023, 13:30 WIB
Cerita horor Bahasa Sunda menceritakan pengalaman melihat pocong di daerah Cipaku Ledeng
Cerita horor Bahasa Sunda menceritakan pengalaman melihat pocong di daerah Cipaku Ledeng /YouTube HANKERI/

Basa ngaliwat jalan anu masih keneh rajeg tangkal awi, kuring rada ngeureunkeun heula leumpang. Sakedapan kuring ngahuleng, lantaran karasa beda rarasaan.

Komo deui tangkal awi mah, lamun oyag katebak angin sok kadangu ngareket. Puguh we ku kuring karasana jadi muring bulu kunduk. Dibayang-bayang teh sok sieun aya nanaon.

Baca Juga: Demo Buruh di Gedung Sate dan Disnaker Jabar Bakal Digelar 2 Hari, 14-15 Desember 2023

Ujug-ujug aya nu nyiap leumpang ka kuring, mimiti ngarasa atoh sabab moal keueung sabab aya nu maturan leumpang. Kuring ningali ka palebah anu karasa nyiap leumpang kuring tea.

Anu tadi ngarasa atoh pedah aya nu maturan leumpang, kaatoh teh jadi leungit, ganti jadi kareuwas! Naha anu nyiap tadi teh jadina bodas?

Aya dihareupeun kuring anu katingali bodas teh teu napak kana taneuh. Katempona ku kuring, siga anu kakalayangan!

Mimiti awak jadi cingkeleper, da geus pasti weh panyangaka anu bodas di hareupeun kuring teh lain jelema. Beuki kuring ngasakeun kasieun, ningali anu bodas teh, dipalebah sirahna beut kukuncungan ku kaen anu dibeungkeut.

Baca Juga: Waduh! Jasa Marga Tak Beri Diskon Tarif Tol Selama Libur Natal dan Tahun Baru 2024

Beuki lila mah katingali jelas. Geuning eta teh pocong! Komo eta pocong teh malikeun awakna, nyanghareup ka kuring. Beungeutna siga tangkorak tapi panona bolotot bari jeung semu hurung.

Halaman:

Editor: Asep Yusuf Anshori


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah