Ningali kitu mah karasa ka tuur ge jadi leuleus, suku jadi beurat keur ngalengkah. Dina hate kuring terus babacaan bari jeung sasambat kana anu jadi indung bapa.
Faedahna tina kuring babacaan, karasa aya anu nungtun, malah bisa lumpat ayeunamah. Kuring bisa lumpat ninggalkeun jeung ngajauhan pocong anu kakalayangan dina dapuran awi.
Harita kuring lumpat satarikan, geus teu inget deui kacape. Bakat teuing ku cape, kuring ngagoler di caket terminal. Lila kalilaan, kasadaran kuring pulih sakumaha biasa. Alhamdulilahna, eta pocong teu nuturkeun. Saprak kajadian eta, kuring ngahindar jalan-jalan peuting di daerah Cipaku.***