Sajabana ngobrol, anu rada lumayan lila nepikeun ka uplek ngaler ngidul. Anu tadina rek sakeudeung teh malah jadi lila. Geus dua jam aya didieu tapi masih teu aya niat balik.
Teu karasa ngobrol teh, padahal asa cikeneh pisan datang ka dieu. Tapi basa ningali jam, geuning geus peuting. Malah leuwih ti jam sapuluh. Nya kuring ge pamitan langsung balik. Wayahna weh kudu balik, sanajan peuting bari jeung sorangan oge.
“Jadi rek balik wae, moal mondok?” saur babaturan.
“Nya rek mulang wae ang, isukan abi asup gawe,” bales abdi.
“Nya atuh ari bade balik mah, tapi kade ati-ati di jalana heug geus peuting ieu teh,” saurna.
Kuring balik ti Cipaku, aya kana jam sabelas peutingna. Leumpang muru ka Terminal Ledeng. Mimitimah ngadon ngajentul, maksudna rek mesen ojol. Tapi geus aya sababaraha menit, teu aya ojol anu nyandak order. Kuring teu terus ngajentul, tapi bari nungguan ojol bari leumpang.
Kaadaan jalan meni kacida tiisna, angin peuting karasa nyecep, nyebak kana awak kuring. Mimiti karasa wegah ari kudu leumpang, tapi kumaha deui atuh, pan sidik ojol ge euweuh. Kaayaan beuki poek sepi jempling.