Pangangguran, kuring nyokot sate anu keur dibeuleum. Maksudna mah bari micen kakesel, kuring ngadahar sate rek ngarasaan satusuk mah.
Baca Juga: Pantas Beruban, Ternyata Sering Makan Ini Kata dr. Zaidul Akbar, Segera Hindari Walau Enak
Ngarasa tos dicekel sarta dihuapkeun, naha sate teh beut asa atah keneh? Jeung teu aya tapak urut kebeuleum sarat kaambeuna bau bangke.
“Naha sate teh kieu,” saur abdi.
Saenggeus kuring nyarita kitu teh eta tukang kakarak nyengkatkeun beungeutna bari jeung ngareret ka palebah kuring.
Barang cengkat, breh katingali geungingan tukang sate teh euweuh beungeutan! Beungeutna rata!
Ningali kitu, kontan awak kuring jadi ngadegdeg, luengeun ngaleper bari panon terus manco ka tukang sate. Tukang sate lain jelea gengingan, tapi jurig!