Singkat carita, peuting harita kuring ngadon latihan band anu jeung batur sejena. Jam 11 peuting kuring beres latihan, saberesna latihan si Agus nitah mondok di imahna.
Kuring teu langsung ka imah, malah ngariung bari maen PS. Beuki nyerelek ka peuting teu karasa, nya eta kebebejokeun ku maen PS. Keur kitu teh, beuteung karasa lapar. Singhoreng lain kuring hungkul anu ngarasa lapar teh, kabeh oge lalapareun.
Si Agus nitah meuli sate ka kuring, nya akhirnya kuring indit nyorangan ka hareup maksud bade meuli sate.
Naha asa ku aneh peuting harita mah, kukurilingan di Moh Toha tapi teu aya saurang-urang acan anu dagang jeung rarasaan asa sepi. Pon kitu deui, mobil anu ngaliwat oge ngadak-ngadak tiiseun, paling aya hiji atawa dua mobila anu ngaliwat.
Kuring terus kukurilingan, nggeus aya satengah jam na kakarek manggihan hiji tukang sate tuluy nitah meuleum sate 30 tusuk sarta lontongna 10 siki.
“Mang, naha tara sieun dagang unggal peuting bari sosoranganan mang?” saur abdi.
Ditanya kitu ku kuring teh, tukang sate teu ngajawab. Ngan ukur katempo manehna ngagideugkeun sirah. Ditanya nanaon ge, angger weh tukang sate teu daek nembalan. Jeung ku asa lila eta tukang sate ngadon meuleum sate anu teu asak-asak.