Cerita Horor Bahasa Sunda: Kengerian Keranda Terbang di Rumah Sakit Bandung Ini Diungkap Warga Ciparay

16 Desember 2023, 12:38 WIB
Kisah horor dalam Bahasa Sunda menceritakan pengalaman mengerikan melihat keranda terbang /Sandy Torchon/Pexels

MAPAY BANDUNG - Cerita horor dalam Bahasa Sunda ini diungkap oleh Aam Samsudin, warga Bojonangka, Desa Mekarsari, Ciparay, Kabupaten Bandung.

Beberapa tahun lalu, Ia bersama teman-temannya yang berniat untuk menjenguk salahsatu kerabat di sebuah rumah sakit di Bandung Selatan harus mendapat pengalaman mengerikan.

Kejadian horor melihat keranda terbang dan sosok misterius yang bergerak di dalamnya menjadi kenangan tak terlupakan oleh Aam Samsudin. Meski begitu, Ia enggan mengungkap lokasi yang menjadi pengalaman buruknya itu.

Berikut ini kisah nyata cerita horor dalam Bahasa Sunda yang dirasakan waga Ciparay di sebuah rumah sakit ternama di wilayah Bandung Selatan.

Baca Juga: Cerita Horor Bahasa Sunda: Pengalaman Dicegat Pocong di Cipaku Ledeng, Tengkorak dan Mata Merah Terlihat Jelas

Basa harita kuring diajak si Irpan anu rek maturan indungna di rumah sakit. Ari tepatnamah di salahsahiji rumah sakit di Baleendah, sigana wae manehna teu wani nungguan sososrangan mah. Kuring ge sabenerna mah teu wani, sabab harita teh poe Kemis minggang malem Jumaah.

Saacan indit ka rumah sakit, kuring aya ide. Rek ngajakan sobat kuring anu tiluan, nyaeta si Yuda, Rijal, sareng Ian.

Kuring indit jeung babaturan di Bojongnangka jam dalapan peuting, nepi ka rumah sakit jam sapuluh peutingna. Satepina di rumah sakit, kuring jeung baturan langsung ka rohangan indungna Irpan dirawat.

Baca Juga: 25 Orang Positif Covid-19 di Kota Bandung, Pemkot: Jangan Sampai Diabaikan

Suasana di jero rumah sakit teh kacida keeungna. Teu aya saurang-urang jalma anu ngadon ngulampreng di luar rohangan, katambah rohangan tempat indungna si Irpan teh ayana di tungtung. Kuring limaan leumpang ka rohangan eta bari ngobrol sabab bari ngobrol mah teu karasa leumpang teh.

Sabot kuring limaan leumpang, kadenge di tukangeun aya anu nakolan beusi. Beusi anu dipake pasien anu teu tiasa leumpang nu aya di gigireun tembok.

Kuring limaan ngeureunkeun lengkah, nu maksud rek noong ka tukang. Tapi barang pelong katukang, gening di tukang teh teu aya sasaha!?

Nya geus apal kitumah, kuring limaan langsung neruskeun leumpang ka rohangan. Tapi can sababraha lengkah, eta sora anu nakolan beusi aya deui. Nya aya sora kitu, ku kuring limaan teu pati diparilek.

Baca Juga: Viral Kedai Nasi Kandar Kota Bandung, Inilah Sejarah dan Kelezatan Masakan Malaysia yang Jarang Diketahui

Tapi anu jadi aneh ku kuring limaan, naha eta sora beusi teh siga anu ngadeukeutan?

Kuring limaan langsung asup ka rohangan indung si Irpan. Ari geus di jero rohangan, barudak silih tanya. Saha anu tadi nakolan beusi?

Harita, wanci tos nyedek ka teungah peuting. Kuring oge mulai ngarasa tunduh. Sabab ku tunduh, kuring jeung si Irpan kaluar muru ka tempat cai.

Kaadaan di luar rohangan kacida keuuengna. Geus nepi di tempat cai, kuring menta didagoan di luar.

“Pan dagoan nya, kuring sieun,” ceuk kuring.

Baca Juga: Viral Pasien Tewas usai Operasi Gigi Bungsu, Direktur RSHS Bandung Sayangkan Pembuat Konten tanpa Klarifikasi

Sabet kaluar di kamar cai, kuring heran ningali si Irpan. Panona molotot ka pabeulah kenca. Siga ningali anu pekasieuneun.

“Itu tingali, aya… aya…,” ceuk Irpan.

Barang kuring ningali ka pabelah kenca, kuring ngagebeg reuwas! Sabab di dinya aya hiji belangkar, tapi anu jadi bingung ka kuring naha ti eta tempat teh aya anu keur ngagoler?

Mimiti kesang tiis ngabaseuhan ka awak kuring, harita kuring duaan pacekel-cekel bari jeung ngadegdeg. Kuring duaan teu langsung indit, tapi kalahkah cicing bari nyidik-nyidik anu ngagoler. Sok sanajan sieun anu sakitu rongkahna.

Baca Juga: Penumpang Terminal Cicaheum Bandung Diprediksi Naik 20 Persen saat Libur Nataru

Beuki lila, naha anu disidik-sidik teh anu siga usik? Kuring duaan ningali kitu mah langsung ngeleper! Suku teu bisa dilengkahkeun, teu bisa ingkah tina eta tempat.

Keur kitu anu ngagoler tina belangkar teh ngadadak turun. Ayeuna mah katingali jelas eta jalma anu di belangkar teh sukuna ngaplek sabeulah! Buukna rawigwig jeung awakna hideung geheng!

Eta jalma teh leumpang bari ngesotkeun sukuna ngaplek. Katingali leungeun eta jalma teh ranggas jiga anu rek nyekel ka kuring duaan!

Baca Juga: Pengunjung Menara Kujang Sapasang DIprediksi Melonjak di Libur Nataru Nanti

Kuring buru-buru babacaan sabisa-bisa. Tina babacaan teh, suku anu teu bisa dilengkahkeun ngadadak bisa ngalengkah deui.

Kuring duaan langsung lumpat satarikna. Satepina dirohangan, kuring langsung asup sarta teu daek kaluar deui. Nu terusna, kuring sareng si Irpan sare patumpuk-tumpuk jeung barudak nepikeun ka beurang.***

Editor: Asep Yusuf Anshori

Tags

Terkini

Terpopuler