Kisah Horor Bahasa Sunda: Teror Penjual Sate Muka Rata di Moh Toha Bandung, Sosoknya Bikin Merinding

- 18 Desember 2023, 09:30 WIB
Merinding! Cerita horor Bahasa Sunda ini mengisahkan teror penjual sate muka rata yang terjadi di Moh Toha Bandung
Merinding! Cerita horor Bahasa Sunda ini mengisahkan teror penjual sate muka rata yang terjadi di Moh Toha Bandung /Instagram endeustv

 

MAPAY BANDUNG - Hampir di setiap daerah Indonesia, penjual sate keliling seringkali ditemukan saat malam hari.

Namun apa jadinya jika penjual sate adalah makhluk halus dengan muka rata yang memberi teror kepada pembelinya.

Kisah horor dalam Bahasa Sunda kali menceritakan pengalaman warga yang mendapat teror di daerah Moh Toha Bandung usai melihat panampakan tukang sate dengan muka yang rata.

Akibat melihat sosoknya yang menakutkan, pemuda tersebut harus pingsan hingga dilarikan ke rumah sakit usai merasakan kengerian yang tak pernah disangka sebelumnya. Berikut kisah horor Bahasa Sunda tentang penjual sate muka rata di Moh Toha Bandung.

Baca Juga: Cerita Horor Bahasa Sunda: Kengerian Keranda Terbang di Rumah Sakit Bandung Ini Diungkap Warga Ciparay

Peuting harita kuring nyampeur salah saurang batur kuring anu ngaran landia na teh si Gogon, maksudna rek ka imah si Agus nyawalakeun grup band anu digarap kuring jeung babaturan.

Kuring duaan indit jeung si Gogon muru ka imah Agus anu aya di Moh Toha. Kuring sok ngadon ngumpul di imash Agus teh sabab manehna boga studio musik jeung alat band anu kumplit.

Singkat carita, peuting harita kuring ngadon latihan band anu jeung batur sejena. Jam 11 peuting kuring beres latihan, saberesna latihan si Agus nitah mondok di imahna.

Kuring teu langsung ka imah, malah ngariung bari maen PS. Beuki nyerelek ka peuting teu karasa, nya eta kebebejokeun ku maen PS. Keur kitu teh, beuteung karasa lapar. Singhoreng lain kuring hungkul anu ngarasa lapar teh, kabeh oge lalapareun.

Baca Juga: Viral Dugaan Salah Tangkap hingga Alat Vital Dibakar Oknum Polisi, Aditya Rosadi Minta Bantuan Jokowi

Si Agus nitah meuli sate ka kuring, nya akhirnya kuring indit nyorangan ka hareup maksud bade meuli sate.

Naha asa ku aneh peuting harita mah, kukurilingan di Moh Toha tapi teu aya saurang-urang acan anu dagang jeung rarasaan asa sepi. Pon kitu deui, mobil anu ngaliwat oge ngadak-ngadak tiiseun, paling aya hiji atawa dua mobila anu ngaliwat.

Kuring terus kukurilingan, nggeus aya satengah jam na kakarek manggihan hiji tukang sate tuluy nitah meuleum sate 30 tusuk sarta lontongna 10 siki.

Baca Juga: 6 Rekomendasi Tempat Wisata Ramah Anak di Lembang Bandung, Libur Panjang Natal dan Tahun Baru Semakin Berkesan

“Mang, naha tara sieun dagang unggal peuting bari sosoranganan mang?” saur abdi.

Ditanya kitu ku kuring teh, tukang sate teu ngajawab. Ngan ukur katempo manehna ngagideugkeun sirah. Ditanya nanaon ge, angger weh tukang sate teu daek nembalan. Jeung ku asa lila eta tukang sate ngadon meuleum sate anu teu asak-asak.

Pangangguran, kuring nyokot sate anu keur dibeuleum. Maksudna mah bari micen kakesel, kuring ngadahar sate rek ngarasaan satusuk mah.

Baca Juga: Pantas Beruban, Ternyata Sering Makan Ini Kata dr. Zaidul Akbar, Segera Hindari Walau Enak

Ngarasa tos dicekel sarta dihuapkeun, naha sate teh beut asa atah keneh? Jeung teu aya tapak urut kebeuleum sarat kaambeuna bau bangke.

“Naha sate teh kieu,” saur abdi.

Saenggeus kuring nyarita kitu teh eta tukang kakarak nyengkatkeun beungeutna bari jeung ngareret ka palebah kuring.

Barang cengkat, breh katingali geungingan tukang sate teh euweuh beungeutan! Beungeutna rata!

Ningali kitu, kontan awak kuring jadi ngadegdeg, luengeun ngaleper bari panon terus manco ka tukang sate. Tukang sate lain jelea gengingan, tapi jurig!

Baca Juga: Suhunya Capai 12 Derajat, Ini Tempat Paling Dingin di Jawa Barat, Cocok Jadi Tujuan Wisata Akhir Tahun

Awahing ku sieun kuring lumpat ninggalkeun tukang sate satarikna bari jeung teu puguh jugjugan. Bari lumpat teh kuring jogjoroowokan menta tulung tapi teu aya saurang-urang jalma anu malirek.

Awak karasa cape. Kuring teu aya kawasa jeung ngagoler di sisi jalan sareng teu inget aya di bumi alam.

Sadar-sadar, kuring geus aya di rumah sakit bari dibaturan jeung si Agus. Kajadian anu kaalaman, dicaritakeun ka babaturan anu ngalongok. Teu lila kuring di rumah sakit teh. Ngarasa pulih deui, kuring langsung mulang.***

Editor: Asep Yusuf Anshori


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah