Cerita Horor Bahasa Sunda: Pengalaman Dicegat Pocong di Cipaku Ledeng, Tengkorak dan Mata Merah Terlihat Jelas

14 Desember 2023, 13:30 WIB
Cerita horor Bahasa Sunda menceritakan pengalaman melihat pocong di daerah Cipaku Ledeng /YouTube HANKERI/

 

MAPAY BANDUNG - Kisah horor dalam Bahasa Sunda kali ini menceritakan pengalaman mengerikan yang dirasakan salahsatu mahasiswa di Kota Bandung.

Saat pulang mengerjakan tugas larut malam, Ia harus mendapat teror mengerikan dari sosok pocong setelah mengunjungi teman di daerah Cipaku, Ledeng.

Cerita horor dicegat pocong dalam Bahasa Sunda ini akan mengungkap kengerian sosok dengan gambaran yang sangat jelas dan belum pernah diungkap sebelumnya. Berikut kisah nyata yang diceritakan dalam Bahasa Sunda.

Baca Juga: HOROR! Bocah Ini Tersesat di Gunung Guntur, Ngaku Melihat Kerajaan Jin Menakutkan

Harita kuring balik diajar, geus lumayan lila kuring diajar di kampus ieu. Nya ari dikereuyeuhkeun mah aya mangpaatna tina hasil kuring ngarantau di Bandung.

Kuring balik diajar teh teu langsung ka kosan, tapina nyimpang heula ka imah anu jadi babaturan di pabeulah Cipaku. Sigana wae anu jadi babaturan aya perlu ka kuring, matak harita kudu nyimpang oge.

Nya kuring ge maksudna bade nyimpang, da puguh di kosan teu aya anu ngarep-ngarep. Puguh kurung masih hirup bubujangan.

Sajabana ngobrol, anu rada lumayan lila nepikeun ka uplek ngaler ngidul. Anu tadina rek sakeudeung teh malah jadi lila. Geus dua jam aya didieu tapi masih teu aya niat balik.

Baca Juga: Kisah Horor Jurig Conge Stasiun Padalarang Bandung, Awas! Jangan Berani Melintas saat Jam-jam Berikut

Teu karasa ngobrol teh, padahal asa cikeneh pisan datang ka dieu. Tapi basa ningali jam, geuning geus peuting. Malah leuwih ti jam sapuluh. Nya kuring ge pamitan langsung balik. Wayahna weh kudu balik, sanajan peuting bari jeung sorangan oge.

“Jadi rek balik wae, moal mondok?” saur babaturan.

“Nya rek mulang wae ang, isukan abi asup gawe,” bales abdi.

“Nya atuh ari bade balik mah, tapi kade ati-ati di jalana heug geus peuting ieu teh,” saurna.

Kuring balik ti Cipaku, aya kana jam sabelas peutingna. Leumpang muru ka Terminal Ledeng. Mimitimah ngadon ngajentul, maksudna rek mesen ojol. Tapi geus aya sababaraha menit, teu aya ojol anu nyandak order. Kuring teu terus ngajentul, tapi bari nungguan ojol bari leumpang.

Baca Juga: Hari Ini Warga Kota Bandung Layangkan Surat Cinta untuk Wali Kota, Setahun yang Lalu 14 Desember 2022

Kaadaan jalan meni kacida tiisna, angin peuting karasa nyecep, nyebak kana awak kuring. Mimiti karasa wegah ari kudu leumpang, tapi kumaha deui atuh, pan sidik ojol ge euweuh. Kaayaan beuki poek sepi jempling.

Basa ngaliwat jalan anu masih keneh rajeg tangkal awi, kuring rada ngeureunkeun heula leumpang. Sakedapan kuring ngahuleng, lantaran karasa beda rarasaan.

Komo deui tangkal awi mah, lamun oyag katebak angin sok kadangu ngareket. Puguh we ku kuring karasana jadi muring bulu kunduk. Dibayang-bayang teh sok sieun aya nanaon.

Baca Juga: Demo Buruh di Gedung Sate dan Disnaker Jabar Bakal Digelar 2 Hari, 14-15 Desember 2023

Ujug-ujug aya nu nyiap leumpang ka kuring, mimiti ngarasa atoh sabab moal keueung sabab aya nu maturan leumpang. Kuring ningali ka palebah anu karasa nyiap leumpang kuring tea.

Anu tadi ngarasa atoh pedah aya nu maturan leumpang, kaatoh teh jadi leungit, ganti jadi kareuwas! Naha anu nyiap tadi teh jadina bodas?

Aya dihareupeun kuring anu katingali bodas teh teu napak kana taneuh. Katempona ku kuring, siga anu kakalayangan!

Mimiti awak jadi cingkeleper, da geus pasti weh panyangaka anu bodas di hareupeun kuring teh lain jelema. Beuki kuring ngasakeun kasieun, ningali anu bodas teh, dipalebah sirahna beut kukuncungan ku kaen anu dibeungkeut.

Baca Juga: Waduh! Jasa Marga Tak Beri Diskon Tarif Tol Selama Libur Natal dan Tahun Baru 2024

Beuki lila mah katingali jelas. Geuning eta teh pocong! Komo eta pocong teh malikeun awakna, nyanghareup ka kuring. Beungeutna siga tangkorak tapi panona bolotot bari jeung semu hurung.

Ningali kitu mah karasa ka tuur ge jadi leuleus, suku jadi beurat keur ngalengkah. Dina hate kuring terus babacaan bari jeung sasambat kana anu jadi indung bapa.

Faedahna tina kuring babacaan, karasa aya anu nungtun, malah bisa lumpat ayeunamah. Kuring bisa lumpat ninggalkeun jeung ngajauhan pocong anu kakalayangan dina dapuran awi.

Harita kuring lumpat satarikan, geus teu inget deui kacape. Bakat teuing ku cape, kuring ngagoler di caket terminal. Lila kalilaan, kasadaran kuring pulih sakumaha biasa. Alhamdulilahna, eta pocong teu nuturkeun. Saprak kajadian eta, kuring ngahindar jalan-jalan peuting di daerah Cipaku.***

Editor: Asep Yusuf Anshori

Tags

Terkini

Terpopuler